Lirik Baru

Sabtu, 11 November 2023

Lirik Lagu Sasak Rajamandala - Nanih


==============================
Di beh kulonen Pengkolan nu ka Saguling
Aya sasak anu jadi panineungan kuring
Sasak panjang nu nepungkeun Bandung Cianjur
Liliwatan balarea mentas walungan Citarum

Nu katelahna nya Sasak Rajamandala
Sasak cukang palantara cinta kuring jeung manehna
Cinta mimiti nu cenah Hese pohona
Lami ngancik dina ati sumelap dina rarasa

Di sasak Rajamandala,
otel kelet nu munggaran
Rek ngajak pacantel soca,
keleket hate deg-degan
Ka Sasak Rajamandala
hayang geura ngaibeuran
Yen kuring teu reujeng manehna
Kiwari geus baranahan

Tidak ada komentar:

Posting Komentar